Selasa, 23 April 2013

Update Status Sunda Lucu

  • amun arek  bobogohan  kudu boga kabogoh tiheula ?
    terus lamun arek sarapan kudu sarap tiheula ?
    ________________________________________________________
  • Drakula nanya ka Pangéran: “Pangéran, bisa teu kuring jadi malaékat leutik jangjangan tapi tetep ngenyot getih? Jawab Pangéran: ”Mangga, kaula rubah maneh jadi SOFTEX
    ________________________________________________________
  • sakuat naon wae lalaki, setegar naon wae awewe iraha iraha  pasti neteskeun cai mata, alatan hiji masalah nyaeta….  ”kapireupeunan”
    ________________________________________________________
  • nyieun status naon atuh nya bingung ?
    ________________________________________________________
  • erek nyieun kopi luwak tapi teu boga luwakna… coba ah pakek embe, sugan wae bisa ,,
    ________________________________________________________
  • Kenangan endah keur babarengan jeung anjeun ek di inget inget nepi ka poho
    ________________________________________________________
  • Geloo ..!! aya nini nini ngarana “GADIS”
    ________________________________________________________
  • ari  superman geus di sunat tawa encan nya??
    asa  mustahil , pedah superman henteu bisa teurak ku barang naon wae
    ________________________________________________________
  • kuring ek coba dahar alien ah.
    gregeteun hayang apal rasana
    ________________________________________________________
  • sajangkung-jangkungna  manuk bangau hiber, pasti tungtungnamh jadi kecap oge
    ________________________________________________________
  • Nyobaan inum Soda api…. ambih paeh yeuh cacing di jero beuteung ,,babarengan jeung anjeun…., hirup serba pas-pasan ge…, tapi kuring bagja bet… “pas jang beuli imah, pas jang beuli mobil, pas jang beuli kapal”
    ________________________________________________________
  • hayang poho ingetan ambih poho yen urangteh goreng patut ,
    ________________________________________________________
  • Hiji poe aya angin puting beliung anu dahsyat, imah2 rata jeung taneuh tapi ahengna aya hiji warung anu masih nangtung kalayan ajeg, sanggeus di usut tuntas warung eta ngajual TOLAK ANGIN pantes waE warungna teu rubuh
    ________________________________________________________
  • TULUNG…..
    TULUNG…..
    RS cipto mangunkusumo kahuruan…..
    2 dokter kritis….
    5 suster maot…..
    10 mayit  kabur …
    ________________________________________________________
  • teu kahaja nyieun status
    ________________________________________________________
  • Geus loba jelema maca  bahaya ngaroko, ku kituna maranehanana tara daekeun deui ‘maca’
    ________________________________________________________
  • Ku pedah urang babaturan sajati
    Manéh gumbira kuring gumbira
    Manéh hanjelu kuring milu hanjelu
    Manéh seuri kuring seuri
    Manéh ceurik kuring ogé ceurik
    Manéh tikecebur kana got kuring seuseurian  nepika ticeurik-ceurik…

Carita Humor:

Sendal Kuring

Di hiji poe jum'at saberes jum'atan, si ucok (orang batak nu karek pindah k bandung) ambek-ambekan da sendalna leungit,, si ucok nanya ka barudak nu keur nongkrong,,
Si Ucok: "Heh kau barudak,, ninggali sendal kuring teu??"
Barudak: "Sendal nu kumaha bang??"
Si Ucok: "Eta sendal nu karek meuli bieu isuk-isuk"
Barudak: "Wah teu apal bang"

Datang Pa Haji nu karek kaluar ti Mesjid, di tanya oge ku si ucok...

Si Ucok: "Pa Haji, sendal kuring leungit pa haji"
Pa Haji: "Pahili meureun bang"
Si Ucok: "Bah..! Siapa pula eta pa hili?? Wah kudu di bantai ku kuring..!"
Pa Haji: "Eh si abang, Pahili teh Pagentos"
Si Ucok: "Bah..! Duaan jeung si Pa gentos??? Wah duanana ku kuring rek di bantai..!"
Pa Haji: "Aduh di bejaan teh teu ngarti-ngarti, pa haji uwih ahh...Assalamualaikum.."
Si Ucok: "Bah..! Rek kamana Pa Haji?? Sendal kuring kumaha ieu??"

TKI di Arab Saudi

kacaritakeun dihiji lembur aya hiji pamuda nu kakara balik jadi TKI di arab saudi, kabejakeun si eta pamuda teh mawa babawaan loba pisan keur oleh-oleh jang pamajikana dilembur, tayohna mah eta beja teh kadengeeun ku bangsat anu geus biasa ngaranjah eta lembur, panjang carita eta bangsat teh geus siap-siap erek ngajorag imah TKI tea engke peuting.
kacaritakeun eta bangsat teh geus ngadakom dina kenteng nunguan nu boga imah sare, sanggeus lila di tungguan nu boga imah teh can sare wae kadon hayeuh ngobrol terus sosonoan dapuguh geus lila tea teu panggih.

sibangsat geus teu kuat cangkeuleun nungguan bari ngadedengekeun nuboga imah, bari pok salakina ngomong ka pajikan na salakina: euh nyi meni liket asa ketan kieu. ceuk salakina...

pamajikan na seuri bari ngarangul... ngadenge kitu sibangsat anu geus lila nungguan beuki keuheul wae atuh, jrut manehna turun tina suhunan bari pok ngomong "oncoman we sakalian ajig....bari dirigdig lumpat si bangsat teh. teu kosi lila eta bangsat teh balik deui bari " jedak...najong bilik manehna ngomong deui dasar ulen siah... dirigdig deui we eta sibangsat teh lumpat

Tidak ada komentar:

Posting Komentar